TATAKRAMA
DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA
(1) Bubuka
Unggal bangsa di ieu dunya pasti
pada mibanda tatakrama sewang-sewangan, sok
sanajan dina prak-prakanana mah teu sarua, gumantung kana kumaha adat kabiasaan jeung kabudayaanana bae. Sasaruanana
mah dina lebah tujuanana, nya eta ngawujudkeun
kahayang manusa pikeun hirup kumbuh di masarakat sangkan tentrem, ayem, silih ajenan, nu pinuh ku
kabagjaan jeung karaharjaan. Samemeh medar tatakrama Sunda, karasa perluna
ngabahas heula naon anu disebut tatakrama. Tatakrama
dina harti nu jembar nya eta sistim sagemblengna tina kabiasaan jeung
cara-cara hirup manusa dina lingkunganana. Dina harti heureut tatakrama teh
kabiasaan sopan santun nu disaluyuan (dimupakatan) ku anggota masarakat di hiji
tempat atawa daerah. Upama dihartikeun sacerewelena mah tatakrama teh nya eta cara-cara hirup kumbuh anu didadasaran kana
budi luhur (Suryalaga, 1984:1). Dina kahirupan paelmuan, satemenna mah taya
hiji wangenan istilah (terminologi) nu mutlak tur siger tengah, sabab kabeh oge
mangrupa ebrehan tina anggapananggapan atawa pangira ti parapamakena (Searle
Spk. ,1980:vii). Kitu deui lamun urang napsirkeun atawa mere wangenan kana
kecap tatakrama. Kecap tatakrama teh asalna mah tina tata jeung krama.
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, kecap tatakrama asalna tina kecap tata jeung
krama. Tata (basa Kawi) hartina adat, aturan, beres. Krama (basa Sanskrit)
hartina sopan atawa lemes. Jadi,
tatakrama teh hartina aturan kasopanan nu nuduhkeun kalemesan budi
(LBSS,1976:252).Istilah sejen
tina tatakrama nya eta adat sopan santun atawa etiket (Semiawan, 1984:3). Ku
kituna, tatakrama dihartikeun tata sopan santun, kabiasaan sopan santun campur
gaul antar manusa, anu saluyu jeung patokan katut pola kabiasaan nu geus
ditetepkeun ku anggota masarakat nu makena (Yudibrata Spk,. 1984:2).Jadi anu
dimaksud tatakrama urang Sunda nya eta kabiasaan jeung cara-cara hirup
masarakat Sunda dina lingkunganana sarta didadasaran ku budi nu luhur, anu disaluyuan
ku urang Sunda sorangan. Ku lantaran manusa mah mahluk nu kukumbuhan, atuh
unggal waktu teh urang pagiling gisik jeung nu sejen, di imah, di sakola, di
pangulinan, dina tutumpakan jeung di sejen-sejen tempat. Tandesna mah unggal waktu urang bakal panggih jeung jelema
sejen, anu moal boa urang kudu ngomong, nanya, ngajawab, seuri, sasalaman,
jeung sajabana ti eta. Sangkan leuwih jentre di handap ieu baris dipedar (1)
tatakrama dina kahirupan sapopoe, (2) Etika, (3) situasi jeung kondisi
tatakrama, (4) fungsi tatakrama, (5) mangfaat tatakrama Sunda keur masarakat
Sunda, (6) unsur-unsur tatakrama Sunda, (7) aspek-aspek tatakrama Sunda dina
kahirupan kiwari, (8) sumber pangaweruh tatakrama (kasadaran etis), (9) tingkah
laku anu hade (etis), (10) sikep teu hade (non-etis), jeung (11) kacindekan.(2)
Tatakrama dina Kahirupan SapopoeDina hirup kumbuh sapopoe tatakrama diperlukeun
pisan, sabab lamun eta tatakrama teh teu digunakeun tinangtu urang bakal susah
dina lakuning hirup, misalna wae urang teh bakal dianggap jalma teu sopan,
kurang pendidikan, teu nyaho aturan, atawa ceuk kasarna mah ‟teu gableg
kekenyos‟. Tah di dieu pisan perlu digunakeunana tatakrama teh, nya eta keur
silih ajenan, silih hormat jeung nu sejen. Upama unggal jalma geus pada biasa
ngagunakeun tatakrama, sopan santun, tangtu masarakat teh bakal aman jeung
tartib dina kahirupan sapopoena.Tatakrama teh bisa dipasing-pasing jadi dua
bagian, nya eta:(a) nu tumali jeung palsapah kapribadian, nu sipatna ngadidik
kalemesan atawa kaluhuran budi; jeung(b) nu tumali jeung kahirupan sapopoe,
cara-caraning campur gaul dina hirup kumbuh, jadi pikeun kapentingan campur
gaul sapopoe di masarakat.Upama dititenan, saenyana mah meh unggal jalma geus
pada nyaho kudu kumaha cara-carana campur gaul dina hirup kumbuh teh, ieu mah
kalakuan hade, nu ieu mah kalakuan goreng, ngan nu hese mah prakna, dina
ngajalankeunana. Ari kitu mah da biasana urang jadi jelema nu boga tatakrama
teh estu gumantung tina dibiasakeunana dipake sapopoe. Buktina teu saeutik
jalma sacara teori sakitu hadena, tapi ku manehna oge teu katembong eta
tatakrama teh dipake, da teu dibiasakeun tea.Pikeun bukti, urang sarerea nyaho
yen tutulisan dina lain tempatna, eta kudu dipahing pisan, unggal jalma upama
ditanya bakal nyebut goring tulas-tulis dimana bae teh, tapi buktina dina
tembok sakola, dina bangku, di kamar cai (WC), dina kendaraan, jste. rocet ku
tulisan-tulisan anu teu uni.Tetela tatakrama teh gede tumalina jeung
ngabiasakeun tingkah laku sapopoe. tandesna tatakrama teh kudu digunakeun bari
sadar, sabab upama geus biasa digunakeun mah, geus matak teu jadi seunggah deui
da geus awor dalit jeung rengkak polah ucap lampah katut kapribadian urang. Eta
sababna ngagunakeun tatakrama teh kudu dibiasakeun ti keur leutik keneh.Anu
pangmimitina ngabaladah prak-prakanana ngajalankeun tatakrama ka barudak teh
nya eta indung bapa, tegesna di jero kulawarga, nu jadi indung bapa kudu geten
titen, ulah bosen-bosen ngageuing barudak, jeung mener-menerkeun tingkah lacuna
nu salah. Upamana bae rek sare kudu ngabiasakeun ngado’a, dahar ulah ceplak
jeung ngaremeh uprat-apret kamana wae, ari aya nu mere naon bae kudu nyebut
nuhun, ari dititah kudu nyebut mangga, lain unggeuk-unggeukan,
jste.Engke-engkena hasil tatakrama di imah the, ku barudak dibawa kana hirup kumbuh,
mangaruhan babaturan ulinna, kitu bae saterusna tepi ka masarakat
sabudeureunana ngabogaan hiji adat kabiasaan tatakrama. Ku kituna engke unggal
wewengkon teh boga tatakrama (cara-cara) campur gaul nu beda-beda. Kapan aya
paribasa “jawadah tutung biritna sacarana-sacarana”. Tapi da najan kitu da
gurat badagna mah jelema teh sok haying silih ajenan, atuh gunakeun bae
tatakrama anu biasa dipake ku urang, engke oge ku lobana campur gaul urang jadi
terang, mana nu ulah mana ni bisa terus digunakeun.Tatakrama atawa sopan
santun, mimitina ngan ukur tembong dina rengkak, tingkah polah, pasemon
(parangi), jeung lentong ngomong (nyarita). Tapi ari kuduna mah, sanggeus bisa
„tapis‟ ngagunakeun tatakrama sopan santun, nepi ka geus ngahiji jeung pribadi
urang, kapribadian atawa ahlak (jiwa) urang oge kudu leuwih luhung, jadi jelema
anu lemes budina, hade tekadna, tandes lain ngan lahir bae nu sopan santun teh,
tapi jiwana oge jadi jiwa nu luhur, nu pantes diajenan, jadi jalma nu hade budi
pekertina. Upama jelema geus bener tatakrama jeung sopan santun lahir batinna;
bari teu karasa deui dina jiwana baris sumirat hiji kakuatan batin nu
ngabalukarkeun dirina bakal diajenan ku batur. Upama ku urang dilenyepan leuwih
teleb tatakrama dina hirup kumbuh teh nincak dina dua tatapakan:(a) kudu
percaya ka diri sorangan (ulah ngarasa asa rendah diri tapi kudu panceg dina
pribadi sorangan; jeung(b) kudu ngajenan batur, ulah boga rasa ngelehkeun batur
sahandapeun urang.Sanggeus panceg di dinya, kakara bisa dijadikeun ku tatakrama
dina prakna, tapi upama tatapakanana lenjeng (nyangeyeng), balukarna:(a)
ngarasa asor (teu percaya diri) engekena teh jadi jalma puyungkad-poyongkod,
sagala sieun salah, sagala sumuhun dawuh, kajeun anu bener disebut salah atawa
sabalikna dapon matak kapake ku batur.(b) nganggap dirina leuwih ti batur asa
pangbisana, panguyahna, pangpinterna,balukarna jadi jalma anu teu dipkaresep,
jelema nu kitu disebut gede hulu, lengus, adigung ieu aing, sombong.Duana nu
lenjeng tatapakan pribadina mah teu kaasup boga tatakrama. sabab teu boga budi
nu luhur.Tatakrama dina basa Inggris disebutna etiqutte upama disundakeun
pikecapeunana teh adab, hartina nyaho tatakrama. Geuning aya nu nyarita
kieu:(1) Urang kudu bisa ngadaban ka batur teh ambeh diadaban deui ku batur;(2)
Urang Sunda ti baheula oge luhur „peradabanana’ hartina kabudayaan nu tumali
jeung luhung budi katut luhung kanyahona;(3) Ari nganjang ka imah batur kudu
nyaho adab-adabanana, hartina aturan tanda hormat;(4) Sing adab atuh nampi
pamaparin buku ti Ua teh, hartina hade rengkuhna;(5) Jelema nu kitu tingkah
lacuna mah biadab keneh atuh, hartina teu nyaho tatakrama hirup; jeung(6) Geus
appal adab-adabanna sholat teh? Hartina tata cara, tata tertib.Aya tilu rupa nu
jadi tatapakan hirup bener, teh, nya eta (1) bener tekadna, (2) bener
ucap-ucapanana, jeung (3) bener lampahna.Tandesna nu pangheulana kudu dipibanda
ku urang teh nya eta tekad atawa niat dina jero hate nu bener, boh patokan
agama boh darigama, moal matak ngarugikeun batur. Ari beresih hate eta sarat hirup
nu pangutamana dina hirup, geus bener tekadna terus bener ucapna. Maksudna
omongan nu dikedalkeun ku urang teh kudu sarua benerna jeung tekad urang tea,
ulah papalingpang, ari tekad haying bener, ari omongan ngacaprak, matak nyugak
jeung garihal. Upama ucap jeung omongan urang geus bener, geus luyu antara
tekad jeung nu dikedalkeun, kakara bisa disebut sampurna upama diwujudkeun dina
laku lampah nu bener, nya eta nu luyu jeung tekad katut ucap nu bener tea.Upama
tilu tatapakan ieu (tekad, lampah, jeung ucap) geus jadi banda urang sapopoe,
tina diri urang sorangan baris sumirat cahaya gaib nu ngalantarankeun batur
jadi asih, nyaah, tur ngajenan ka urang. geus kitu mah hirup moal loba kasieun
da jeung saha-saha teh estu bisa campur gaul. ieu teh elmu nu kacida matihna,
matak jauh balai deukeut rejeki, loba sobat kawawuhan pikeun silih
tulungan-tinulungan.(3) EtikaNyaritakeun tatakrama (etiket) kudu bae
nyabit-nyabit etika, sabab raket tumalina sanajan aya bedana. Etika (Yunani:
ethos), hartina kasusilaan, ahlak, moral, kabiasaan-kabiasaan nu hade.
Kadasaran jelema pikeun ngabedakeun mana nu hade mana nu goreng disebutna
kasadaran etis (moral).Etika mah sipatna filosofis, ari tatakrama (etiket) mah
sipatna praktis. Tatakrama nu hade bisa ngabantu ka jelema pikeun mibanda etika
(moral) nu hade; sanajan henteu salawasna nu tatakramana hade moralna oge hade,
kapan dina paribasa jeung babasan Sunda aya kasebutna: ngabudi ucing, lungguh
tutut sawah sakotak kaider kabeh; ari legeg-legeg lebe ari lampah euwah-euwah.
Ieu babasan jeung paribasana teh ngandung harti pasaliana tatakrama (etiket)
jeung ahlak (etika).Etika bisa dijadikeun sumber ilham tatakrama. Nya gelar
tatakrama anu sumebarna tina:(a) etika filosofis, anu jadi udaganana nya eta
filsafat „hakekatna bener‟, nurutkeun akal budi, nu kasup kana golongan ieu ,
nya eta aliran naturalis, hedonis, idealis, jeung vitalis;(b) etika teologis,
ieu mah udaganana teh maluruh hal-hal anu „bener‟ nurutkeun ajaran agama atawa
kapercayaanana. Nu kaasup golongan ieu, nya eta etika Islam, Kristen, Budha,
Hindu, Kong Fu Tse, jste.(c) etika sosiologis nu jadi udaganana nya eta
katengtreman jeung kabagjaan masarakatna. Nu dibahasna nya eta cara-caraning
hirup kumbuh jelema di lingkungan masarakatna.(4) Situasi jeung Kondisi TatakramaTatakrama
teh wangun jeung cara-carana henteu angger, tapi robah-robah gumantung kumaha
situasi jeung kaayaanana bae, diantara:1. WaktuAya tatakrama jaman baheula,
jaman ayeuna, jeung jaman nu bakal datang. Tatakrama jaman di tatar Sunda aya
keneh karajaan, jaman dalem, jaman Walanda, jeung jaman ayeuna geus loba
bedana.Upama urang nengetan cara-caraning tatakrama urang Sunda saperti nu
ditulis ku D.K. Ardiwinata (Citakan ka-5), 1916), pikeun alam harita mah
meureun tatakrama nu kitu disebutna tatakrama social nu alus the. Upama
dirarasakeun atawa diterapkeun dina alam kiwari, tangtu moal luyu. Contona bae
upama panggih jeung menak di jalam pasampangan, kudu brek diuk, gensor, jste.
tapi aya oge unsur-unsur nu masih keneh merenah dipake di alam kiwari, saperti
upama munjungan, pasemon nu marahmay, lentong nyarita, jste.2. Tempat Ku
lantaran tatakrama teh mangrupa alat pikeun campur gaul antara manusa, jadi
kajadianana bisa dimana bae. Upamana bae di imah, di sakola, di rumah sakit, di
rumah makan, jrrd. Tangtu di unggal tempat teh tatakramana bakal beda-beda dina
cara ngagunakeunana. Tah nya di dieu pisan urang kudu apal rupa-rupa tatakrama
(etiket) nu luyu jeung tempat tadi.Pikeun sawatara tempat mah, saperti rumah
sakit atawa di rumah makan geus aya tatakrama nu tinulisna. tapi upama di
tempat nu can aya aturan tatakrama tinulis mah, urang kudu ngira-ngira bae
sorangan. Ari carana mah nya eta nitenan heula kabiasaan batur nu geus mindeng
datang ka eta tempat. Upama aya tanyaeun, atuh leuwih alus deui, sabab bakal
leuwih jentre ngeunaan tatakrama jeung kabiasaan di eta tempat.3. Struktur
SosialStruktur sosial di dieu nya eta tumpa-tumpana kalungguhan sosial. Unggal
tahap sosial ieu teh miboga cara-cara pergaulan (tatakrama) masing-masing.
Upamana bae struktur sosial nurutkeun:(a) umur; aya jelema nu umurna
saluhureun, sasama, jeung sahandapeun;(b) pancakaki atawa kabarayaan, aya nu
pernahna saluhureun, satahap, jeung sahandapeun.(c) birokrasi pagawean,
dunungan, sasama, jeung anak buah. (d) jenisna, lalaki atawa awewe(e) pagawean,
guru, padagang, patani, tentara, jste.(f) kalungguhan di masarakat, tokoh,
kokolot, RT, RW, jsb.4. SituasiUrang campur gaul jeung batur teh tangtu boga
maksud nu mandiri. Jadi dina ngagunakeun tatakrama oge kudu diluyukeun jeung situasina,
supaya kahontal tujuannana nya eta:(a) situasi resmi (formal), upamana wae;
riungan (rapat), seminar, ceramah, ngajar, jste.(b) henteu resmi (non formal),
upamana wae, nganjang, ngalongok nu gering, ka nu kapapatenan, jste.(c)
religius, pangaosan, tableg, jste.(d) adat, kariaan, ngawinkeun, nyunatan,
jste.(e) loma, heureuy, banyol, jste.(5) Fungsi Tatakrama SundaFungsi atawa
kagunaan tatakrama teh kacida pentingna, boh pikeun ajeninajen pribadi boh keur
kamaslahatan masarakat, malah bisa oge keur katengtreman kahirupan di alam
dunya, diantarana nya eta:(a) Fungsi Pribadi (Personal)Jalma nu mibanda
tatakrama, tinangtu kapribadianana bakal tanggoh tur teguh.Rasa percaya dirina
bakal gede, atuh teu mustahil dina hirupna bakal loba kasempetan pikeun maju.
Kamanusaanana bakal tembong, boh lahirna boh batinna. Jadi fungsina the pikeun
ningkatkeun kwalitas ajen diri pribadi.(b) Fungsi SosialTatakrama teh jadi hiji
alat nu kacida pentingna pikeun ngawujudkeun masarakat anu tengtrem ayem,
beres-roes aman tur tartib. Ari hubungan sosial teh kacida jembarna ti mimiti
di jero kulawarga, tatangga, sakola, pagawean, malah antar bangsa. Komo jaman
ayeuna mah campur gaul antar bangsa teh kacida mindeng jeung gampangna.(c)
Fungsi AtikanTatakrama teh mibanda fungsi pikeun ningkatkeun atikan (boh lahir
boh batin) ti masing-masing jelema. Ayeuna istilah „terpelajar‟, ngandung harti
„hade tatakramana‟. Sabalikna deui nu kurang tatakrama mah sok disebut „kurang
ajar‟.(d) Fungsi Nyaluyukeun Diri (Integratif).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar